Sabtu, 26 September 2009

KEMBANG SAKOLA

Hanas hate kagembang, Juli 2005
Sukma asa kakalayangan
Meh ngapak-ngapak mega bodas
Raga leuleus, epes meer
Munggaran kapetik ati, kaarah kabineksaan

Ros bodas anyar kembangan
Nyorangan, pojok kidul tatamanan sakolaan
Teu aya deui….
Ngan hiji-hijina
Mapaesan taman hate
Anu manjing karembangan

Hanjakal….
Ana barang bangbara datang
Dadak sakala getih ngagolak
Dada, taktak, asa peunglak
Asa dicacag diwalang-walang
Manglebarkeun akang
Bisi kembang beunang ku kumbang

Najan nyeri ieu ati
Najan luka ieu manah
Teu kumawantun sisinglar

Naha????!!!
Rumasa diri laleu leutik
Ukur pagulung jeung runtah
Ngarasa diri hina
“Teu ngaji diri, hirup tambarakan oge”

Tapi najan kieu ayana raga anu dibabawa
Najan kieu rupa anu dipiboga
Ros bodas teu burung kaala
Kapimilik………
Duka salawasna atawa saharita
Najan loba beda di antarana
Muga jadi bahan sampurna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar