Rabu, 17 Maret 2010

AKI

Ari umur tunggang gunung
Ari raga rosa geus ruksak
Tapi sumanget jiwa sinatria
Leber keneh minuhan dada
Ngagugudag ngebebela

Ari umur geus cueut ka hareup
Ari badan geus anggang ti buta tulang
Malah mandar meh ragrag kana liang
Meh diurug ku taneuh beureum
Rek diarak ku kulawarga, balarea
Tumpak kandaraan nu supirna opat jalma
Pasaran tea pingaraneunana

Najan raga kapayahan
Jiwa meh kapaehan
Rasa meh kapiuhan
Tapi tekad dina jero dada
Jiwa joang minuhan ati sanubari
Hayang keneh aub ngarojong ngabela bangsa
Aya keneh malah leber
Masing nyampak malah kabina-bina

Aki, baju sapari anu geus geus belel kapanasan
Kopeah koneng anuh meh ipis kaibunan
Tapi lain eta cirina

Sumanget anjeun minuhan jagat
Jasa anjeun ieu nagara
Kesang anjeun nu mawa bagja
Getih anjeun bibit walagri

Harta raga nu jadi ganti
Jiwa nyawa dipake tandonna
Hiji bukti asih ka nagri
Bumela ka bangsa nagara

Aki, baju satria nu meh saumur jeung jaman
Tekad anjeun heug tepakeun
Sumanget anjeun heug wariskeun
Seneu teuneung heug sundutkeun
Perjoangan anjeun heug turunkeun
Ka pamuda jaman ayeuna
Ka pamudi wanci kiwari

Nuhun Aki
Nagri sugri
Nagara merdika
Sok sanajan tacan walatra
Sumawona kana raharja
Eta tugas kuring sabalad-balad
Nyukcruk perjoangan aki
Ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara
Dina cara anu geus beda

Tapi kuring janji aki
Bumela ka lemah cai
Siga anjeun
Teu miharep jasa imbalan
Atawa sagala rupa
Estu ning ikhlas
Ngabakti ka Ibu Pertiwi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar