Rabu, 17 Maret 2010

DUIT BEUNANG KURUPSI

‘Moal kahakan ku tujuh turunan
Harta aing meunang usaha
Lain meunang menta-menta
Lain meunang ngajual warisan
Tapi meunang usaha….usaha!!!!’

Kitu babasaanana
Hiji jalma urut pajabat
Jalma nu tadina menak
Manusa nu ngarasa boga
Sagala asa nu manehna

Eta jalma urut pajabat
Nangtang majar harta nu anjeunna
Majar meunang usaha
Hulu dina suku
Suku dina hulu

Bohong!!!
Inyana boga duit beunang maling
Duit benang kurupsi
Boga harta beunang ngagasab
Duit jalma leutik
Harta nagara nu saenyana harta rakyat

Memang meureun henteu sadar
Eta banda hak na rahayat
Asa anu boga sorangan
Dicokot teu era-era
Henteu menta, teu ngumaha
Da puguh ngarasa menak
Teu euih daek ngumaha

Ayeuna karasa
Majar harta nu manehna, mana?!
Majar moal seep tujuh turunan, beak!!!
Saprak manehna katohyan
Nyokotan duit nagara
Ngarampok harta rahayat
Karasa ku manehna
Kamar beusi dua ka tilu
Ranjang karatan
Kasur tumbilaan
……………….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar