Rabu, 17 Maret 2010

BALUENG Karya : Asep Cahyana

Duh..diri nu dibalung ku kabingung
Awak anu ditimpah ku kasusah
Rumasa diri teh hina
Loba lamokot ku dosa
Loba ngohongan batur
Nyarita teu bari jujur
Antukna teu nyaho syukur
Malah mandar jadi kufur
Gusti
Mana hina ieu hamba
Mana teuing awak ragrag kana dosa
Hina dina
Poe ngan dieusian ku dusta
Caang ngan dibaur ku sompral
Duh Gusti..tuduhkeun
Rusiah hirup bagjaning awak
Sangkan jujur henteu ngarumpak
Gusti…pangnyingkahkeun ieu balueng

Tidak ada komentar:

Posting Komentar